Kutrat-kotret Cateutan tambah rocet
gulasar-gilisir jadi gambar hapa raga
sakali mangsa dipupus
sakali waktu ditempoan
sakapeung dibeubeuneur, terus dihade-hade
cateutan kalah soek
sakapeung nganaha-naha, sabagean hare-hare
waktu datang ngangeumpur...
langit runtuh gunung luhur
aya nu keueung aya nu ludeung
cateutan ngaburu
saha nu nulis saha nu ngagambar
cateutan ngariksa..
saha jeung saha nungalakonan
tiap saha mibanda cateutan sewang-sewangan
aya nu ceurik balilihan
aya nu seuri keubeuk kukabungah
cateutan imeut nyarita
najan soek, najan kutung
cateutan terus jeng terus nyarita
dimana jeng kamana urang harita
keur naon jeng kunaon urang harita...